Kulit Langit

Kulit langit moletek, leyur jeung cipanon anjeun !, basa, hate uing ngeteyep ,nyulusup, nyempod disela-sela harepan nu diayun-ayun angin .
" Kunaon maneh bet seseleket, maksa, nyangsangkeun hate di dieu ? "Ceuk anjeun .
Teu ieuh di pirosea, Uing anteng ngalung-ngalungkeun bibit kanyaah, nu patulayah dibuntang-banting ku waktu.